Si
Kabayan Ngala Tutut
Batur
saimah geus harudang.Mitohana
geus ka huma.Pamajikanana geus lila di dapur,naheur cai jeung nyangu.
Tapi Si Kabayan mah kukulisikan keneh
bae di pangkengan.Unggal digeroan ku pamajikanana ,jawabna teh,” Ke sakedeung deui,kapalang
ku ngimpi.”
Pamajikanana keuheuleun,tungtungna mah
diantep we.
Diantep teh kalah ka beuki tibra
sarena,kerekna mani sesegor.
Ditoong ku pamajikanana tina sela-sela
bilik,Si Kabayan keur nangkarak bengkang,teu dibaju.Beuteung nyemplu,buuk kusut.
Pamajikanana nyokot jeujeur useup.Teu
anataparah deui,beuteung salakina dirojok.
Si Kabayan ngagurubug,bari
ngagero,”Pegat ti lebak,kade lepas!”
“Naon pegat ti lebak?” Si Iteung
pamajikanana nyentak.
Si Kabayan ngorejat hudang,nenjo pamajikanana nangtung
bari nyenyekel jeujeur useup.”Siah ngaganggu! Kami keur ngimpi newak
kancra.Geus weh lepas deui,da ku maneh digamahan!”
“Lain
ngomong teu puguh.Anggur neangan deungeun sangu kadituh! Sangu geus asak.Na rek
dahar karo uyah ?”
“Neangan deungeun sangu ka mana,sakieu
geus berangna ?”
“Ngala-ngala tutut kadinyah,urang
angeun,di samaraan mah aya.”
Si Kabayan kuniang hudang bari
gegetret.Gejlig indit ninggalkeun imahna,bari kukulutus,”Keur ngeunah-ngeunah
ngimpi di ganggu!”
“Na moal
ka cai heula ?” pamajikanana nanya.
“Moal,”jawab Si Kabayan, “engke we mandi
di sawah,ambeh caina haneut.
Si Iteung ngalelengkur di dapur,salakina
can jol keneh bae.
“Na kamana mangkeluk teh,pilakadar ngala
tutut.Mani lila-lila teuing!” Si Iteung ngomong sorangan.
Ku lantaran Si Kabayan ngampleng
bae,kencling we Si Iteung nyusul.
Kasampak Si Kabayan keur cingongo we
dina galengan,bari nyenyekel awi panjang.
“Keur naon maneh,Kabayan ?”
“Kapan keur ngala tutut.Lain rek ngangen
?”
“Moal enya ngala tutut dikorean kitu
tina galengan.Ancrub kadinyah!”
“Embung sieun titeulem.Tuh sakitu
jerona.Langit oge kadeuleu.Na maneh daek jadi randa?”
Si Iteung keuheuleun.Teu antaparah
deui,salakina dijongklokkeun.
Gujubar weh Si Kabayan ngagujubar ka
sawah beunang nanduran,bari ngagero, “Eh,da deet......!”
Si Iteung teu ngomong.Ngungkung be balik
bari kukulutus, “Engke deui mah mun ngala tutut tong dikorean.Rungkup we
sakalian ku heurap!”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar