**Aji Saka ngalawan Dewata Cengkar **
Jaman baheula
mah ceunah Pulo Jawa teh diparentah ku hiji buta anu jenengana Dewata Cengkar.
Saliranajangkung gede, rambutna rerewig, waosna ranggeteng, sihungna panjang
seukeut. Estu mantak pikagilaeun. Ari kasedepna jelema, utaman budak umur
welasan taun.
Unggal poe teh
patih kudu nyadiakeun budak hiji teu menang heuteu. Upama teu aya patih pasti
dibenduan.ku sabab kitu unggal poe patih ngulincer ka unggal lembur neangan
budak. Ngan budak begang mah tara dituang da ceunah hangit jeung pait.
Kasedepna pisan budak nu kintuh jeung beresih, teu borokan atawa boga panyakit
kulit sejenna.
Upama datang
patih ka lembur, jelema-jelema buriak lalumpatan. Nyumput dinu buni, komo nu
baroga budak mah. Matak watir matak keueung. Upama teukaburu nyumput, budakna
ketewak ceurik jejeritan.
Ari rahayat
teu bisa ngalawan da puguh patih ge piwarangan raja. Upama aya nu
entang-entangan ngalawan, pasti meunang hukuman beurat. Dulur-dulurna disiksa
nepi ka paehna.
Harita Pulo
Jawa teu aya pisan tengtremna. Lain pedah rahayat ngalawan ka Raja, tapi rajana
nu sedep nuanga jelema. Rahayat mindeng babadamian keur nyanghareupan kesedep
rajana. Loba nu mere pandangan, kumaha ceunah upama diganti ku munding, sapi,
domba, atawa embe. Ngan ceuk nu terang pisan kana kasedep raja, moal bisa
diganti kudu ku jelema wae.
Ceuk nu sejen
upamana teu bisa diganti, teu aya deui jalana kudu dilawan, diperangan. Atuh
loba nu satujueun. Ngan ceunah kudu dipikir akibatna. Leuheung lamun meunang
kumaha lamun sabalikna. Raja bakalan ngamuk, bisa jadi rahayat kabeh
ditumpes.ku sabab kitu lain, kieu lain babadamian teh teu ngahasilkeun
naon-naon.
Kacaritakeun
dina hiji poe, patih geus ber kaditu kadieu neangan budak tuangeun raja teu
manggih wae.Ceunah harita teh geus tilu poe raja teu barang tuang. Raja geus
bendu wae ka patih. Malah ngancam, upama sapoe deui teu meunang budak, istri
patih rek dituang. Ari patih jeung kulawargana mah lain bangsa buta, kawas
urang we jelema.
Ngadangu
anceman kitu puguh we patih teh kacida sieunna. Kabeneran waktu patih bade
kaluar ti Keraton Medang Kamulan, torojol budak lalaki kasep. Ku patih
diparios, “Hey asep rek kamana jig-jig kadieu?”
“Hayang ulin
we mamang!” tembal budak teh bari teu semu sieun.
Sanajan patih
teh harita keur neangan budak tuangeun raja, tapi ari nempo budak kasep kitu
mah lebareun.
Patih sasauran deui. “Asep, ulin
mah ulah kadieu, ka ditu we kanu jauh! Bisi cilaka di dieu mah!
“ Ah alim
hoyong ulin kadieu. Ceuk budak keukeuh.
“asep ulah
bedegong. Kanjeng Raja Dewata Cengakar teh nuju bendu, palay nuang murangkaliah
kawas Asep. Engke pasti ditewak, tuluy dikerekeb!”, saur patih.
“ Sawios abdi
mah oyong dikerekeb ku Dewata Cengkar”, tembal budak
Ngadangu omongan budak kitu patih
heraneun. Anjeuna naros deui, “Ari Asep nyaho naon hartina dikerekeb?”
“Sumuhun
dihuapkeun, tuluy dicapek dina sungut!” ceuk budak deui.
“Geuning eta
nyaho! Jelema nu dikerekeb mah pasti paeh! Daek Asep paeh?”
“Alim ayeuna
mah! Jaga we geus waktuna! Tembal budak.
Patih beuki
lieureun. Kakara saumurna panggih jeung jelema kitu sipatna. Ari dikerekeb
daek, paeh embung! Patih naros deui, “Saha atuh ngaran Asep teh?”
“Aji Saka!”
tembal budak pondok.
“Aji Saka? Alus geuning ngaran
teh!” Saur patih.
Patih
ngagalih, bisa jadi eta budak teh lain budak samanea. Dina ngarana oge beda
jeung budak sejenna. “Jadi Asep daek disanggakeun ka Dewata Cengkar?”
“Daek! Ngan
upama Dewata cengkar maot naon buruhna?”
“Har, naha
make hayang buruh sagala. Kapan Asep tangtu maot dituang ku Dewata Cengkar”,
saur patih
“Moal abi mah
moal maot, “saur Aji Saka
Ceuk galihan Patih, lamun kitu
mah budak teh sanggupeun maehan Dewata Cengkar. Aya alusna, lantaran Pulo Jawa
bakal aman. Bari pokna, “Asep, lamun bisa maehan Dewata Cengkar, palay
diburuhan naon ku Mamang?” Patih naros.
“Hoyong tanah
salebar totopong abdi” ,waler Aji Saka.
“Hah, salebar
tototpong? Naha heunteu heureut teuing?”
“Sakitu ge
cekap” ,waler Aji Saka.
“Sanggup
mamang ngayakeun tanah sakitu mah! Hayu ayeuna mah urang ngadeuheus ka dewata
Cengkar!” saur Patih.
Patih
ngirimkeun Aji Saka ka Keraton Medang Kamulan. Ti kajauhan oge geus
kalingalieun ku raja. Cakakak-cakakak raja gumujeng bawaning ku atoh ningali
murangkalih sakitu kasepna.
“Ieu budak
hakaneun kami teh Patih?” Dewata Cengkar naros.
“sumuhun timbalan”
, saur Patih mendeko.
“Ee ... sukur
... sukur! Patih geus bisa neangan hakaneun keur kaula. Ee Patih bakalan
meunang hadiah ti kaula. Ngan alus budak teh teu ceurik saperti budak-budak nu
tiheula? Ku naon Patih?
“Ku margi
parantos hoyongeun dituang ku Kanjeng Raja rupina” , waler Patih.
“Hua ha haha
....! Hua ha haha .......! Kami kacida gumbirana!” Saur Raja.
Enggalana
kerewek Aji Saka dicepeng ku panagan Dewata Cengkar, mastakan diselewegkeun,
maksadna bade dikerekeb. Tapi sakitu hanten dicapek palebah beuheungna heunteu
sapat-sapat. Ari diutahkeun deui, Aji Saka kalahka ngajakan seuri ka Dewata
Cengkar. Patih jeung ponggawa karaton sejen nu nyaksian mah mani patingpurigdig
bakat ku paur jeung karunya ka murangkalih.
Bakat ku
lapar, Dewata cengkar teh nyelewegkeun deui Aji Saka. Tuluy dicapek ku careham
ka tuhu. Ku sabab teu teurak wae, dipindahkeu ka careham kenca. Dewata Cengkar
beak kasabaranana, leg Aji Saka diteureuy buleud. Ngan kalah melag dina
genggerong. Ari dihoek-hoek sina kaluar deui teu daekeun deuih. Dewata Cengkar
onggeng-onggengan. Gawena durugdug kaditu durugdug kadieu bari gegerungan. Anu
melag karasana kalah ka asa beuki ngagedean.
Dewata
cengakar menta tulung ka Patih hayang dipangmepegankeun pundukna. Gancang Patih
nyokot halu sagede bitis budak. Habek-habek neunggeulan punduk Dewata Cengkar,
tapi nu melag angger teu kaluar teu ka jero. Geus kitu bluk Dewata Cengkar
nyuuh, tuluy gugulingan susuganan nu melag lesot. Tapi sanajan kumaha-kumaha
teu aya pisan parobahan.
Aya kana dua atwa
tilu jamna Dewata Cengkar adug-adugan bari auh-auhan jeung gegerungan. Patih
saenyana miris, aringgiseun nu melag bisa ka luar. Lamun kitu tangtu patih nu
bakal di salahkeun.
Kawasna ku
cape adug-adugan, tungtungna Dewata cengkar ngalempreh bari calawak. Geus kitu
mah kerelek wae maot. Teu lila tina sungut Dewata Cengkar kaluar Aji Saka
kalawan salamet. Tuluy anjeuna beberesih. Patih, para ponggawa karaton, jeung
rahayat sa-Pulo Jawa tungkeb ka Medang kamulan, palay tepang jeung jalma nu
sakitu gede jasana ka rahayat.
Kacaritakeun Patih
rekngalaksanakeun jangjina masihan taneu salebar totopong. Aji Saka jeung patih
meberkeun totopong. Tapi ajaib pisan totopong teh teu eureun-eureun ngalebaran.
Dayeuh Medang Kamulan geus karungkup. Kitu deui, gunung-gunung jeung pasir geus
karungkup, tapi totopong masih keneh meral. Ngan sanggeus sa-Pulo Jawa
karungkup mah totopong teh teu meral deui.
Nya harita Aji
Saka ngawasa Pulo Jawa
Nami : Siti Eka Meilasari
Kelas : X-2
Pancen : Basa
Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar